News  

Silaturahmi JTM di DPC Sukaraja

Tahun Baru Hijriyah & Perpisahan Kenaikkan Kelas Khatulistiwa

ndonesiaKini.id/Sukabumi Sukaraja Langensari  Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh_

Sampurasun…

 

Nu ku sim abdi dipihormat, Bapak Ketua Umum Jampang Tandang Makalangan  H. Hendra Permana, S.Sos., MM_ sareng jajaran DPP & DPC JTM, _Kang Yudi ‘Si Peci Merah’_. Hatur nuhun kersa dongkap ka Padepokan Khatulistiwa.

 

Hormat oge ka Bapak _Kapolsek Sukaraja_. Mugia silaturahmi ieu ngahijikeun léngkah kanggo ngajaga generasi tina barang haram sareng tawuran.

 

Ka dulur saati alias sakandung beda bapak lain indung _Kang Feri alias Ki Watugunung_, ka panitia, guru-guru, OSIS, eksponen yayasan — hatur nuhun tulus. Kesang aranjeun jadi saksi.

 

Para wargi…

Khatulistiwa komitmen: _gratis dugi ka lulus_. Tahun ieu sadaya iuran kami bebaskeun. Niatna hiji: ngadidik tanpa beban, tanpa racun, tanpa kekerasan.

 

Ayeuna hayu urang ngartoskeun filosofi “Jampang Tandang Makalangan”._

Aya nu naros: “Naha ngaranna galak?”

Jawabna: _Tak kenal maka tak sayang. Tak sayang maka tak cinta. Tak cinta maka moal bogoh ngabelaan._

 

Hartina JTM:_

Jampang_ = Lemah Sunda ngawitan ti Ciamis dugi ka Banten.

Tandang_ = Wani maju, wani tampil, wani nyanghareup.

Makalangan_ = Maju ka tengah gelanggang kahirupan — silat ucap, silat lampah.

 

Urang JTM nyepeng 4 pusaka diantawisna numutkeun Sunan Kalijaga:_

 

1. Menang Tanpa Ngasorake hartosna Meunang ulah sombong, ulah ngahinakeun nu eleh.

2. Nglurug Tanpa Bala_ → Wani maju sorangan, tong ngandelkeun gorombolan. _Subuh geus tarhim, tapi hate kudu geus tandang heula._

3. Sugih Tanpa Bandha_ → Hebat ulah pamer harta. Hayang kandaraan? Usaha. Duit cukup, meuli nu bekas ge teuing.

4. Sakti Tanpa Aji-Ajian_ → Kuat teh lain ku jimat, tapi ku perang jeung hawa nafsu. Obatna: _kuatkeun Panca Indera + Panca Laras_. Eta pisan filosofi Siliwangi:  silih wawangi, silih ngawangikeun._

 

Jadi nasehat kanggo urang sadayana:_

 

Kanggo generasi ngora, murid-murid Khatulistiwa:_

Makalangan zaman now teh lain adu jotos. _Kalangan prestasi_ nu kudu diancikan! Wani unjuk gigi di olimpiade, MTQ, ngaji, coding, wirausaha.

 

Jeung eling ku dua hal:_

Hiji, Jawara sejati mah anti nafza._ Narkoba, miras, lem — eta musuh nu ngancurkeun tandang. Asup kana awak, akal jadi buta, harepan kolot jadi bubur. Prinsipna: Awak sakuat baja, hate sebersih cai zam-zam. Tandang makalangan, tapi ulah tandang ka jurang narkoba!_

 

Dua, tren tawuran teh teu pantes diturutan._ Eta kalakuan jalma pengecut atawa banci_. Naha kitu? Sabab ngaroyok, mawa pakarang, ngalawan babaturan sorangan.

Lalaki sejati mah kieu cirina:_ Wani gelut ngabela kebenaran, tapi _tanpa alat, tanpa pakarang_. Wani adu hareupan, tangan kosong, hiji lawan hiji. Leuwih hade deui: _wani musyawarah, wani ngadeuheus heula_. _Mengalah untuk menang_. Sabab aya hukum nu ngatur urang. Negara boga pulisi, sakola boga guru. Ulah maen hakim sorangan. Tawuran teh ngerakeun kolot, ngarusak ngaran sakola, ngancurkeun masa depan sorangan.

 

Dua. Kanggo para pemimpin:_

Wani tandang teh _wani pasang badan jang rakyat_, kaasup ngajaga budak ngora tina narkoba jeung tawuran. Ulah ngalungkeun tanggung jawab. Inget, anjeun _wakil rakyat, khalifatullah fil ardh_.

 

Tilu. Kanggo balad Khatulistiwa & Jampang Tandang Makalangan:_

Hayu tegak keun program. _Wani bersaing sehat, wani nunjukkeun kualitas_. Tong leungit adat Sunda: someah ka semah, handap asor, silih asah silih asih silih asuh_. _Ngahiji ngajadi hiji!_

Urang perang bareng ngalawan narkoba jeung budaya tawuran. Lamun aya batur nu ngajak, tarik! Ceuk: _”Urang mah JTM, jawara pake adab!”.

 

JTM sanes ngajak gelut. JTM ngajak tandang ku akhlak, makalangan ku adab, perang ngalawan diri sorangan._

Hayu urang jadi jawara nu dipikacinta ku bumi, dipikadeudeuh ku langit, bersih tina barang haram jeung mental gorombolan.

 

*Sakali deui para wargi…*

*Insya Allah, Khatulistiwa nuju niat ngadegkeun ASRAMA PUTRA & PUTRI.*

*Tujuanana:* Nampung anak-anak *yatim, dhuafa, nu teu mampu, sareng nu imahna jauh ti sakola*. Supaya ulah aya deui budak pinter tapi putus sakola gara-gara ongkos, jarak, atawa teu boga bekel.

*Aturanna tetep: GRATIS.* Dahar, sare, diajar, ngaji, latihan silat — sadayana ditanggung padepokan.

*Ku kituna, abdi nyuhunkeun pangrojong ti para hamba Allah:*

*Hiji, pangdu’a mulia* mugia Allah ngagampangkeun.

*Dua, pangrojong moril sareng materil* sakumaha rizki nu dipasihkeun. Sa bata, sa liter beas, sa doa ti kajauhan — sadayana jadi amal jariyah, jadi saksi tandang urang ngabelaan anak yatim.

 

Rupina Cekap sakitu. Hapunten bilih kasumpingan lisan nu kirang sae,.

 

Abi Usman: Jampang Tandang? Massa: makalangan!

AU: Ngahiji?

(Ngajadi Hiji)

AU: I’maluu..

(Sami’na waato’na)

Hadza wallah yar’ana…

_Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh_

_Rampes…_(Budi)